Naskah Drama Bahasa Sunda 5 Orang Kabayan Ngala Nangka

Drama Sunda
Kabayan Ngala Nangka





Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Manehna teh ngidam hoyong pisan Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. 


Iteung:
(Datang bari gegeber) “Aduuh, panas kieu gening. Hareudang. Sigana mun ngarujak asa rek seger kieu. Ngarujak naon nya? (Bari mikir, nanyakeun ka orok nu dikandungna) Rujak naon nya? Nangka? Heug atuh urang nitah pangalakeun nangka ka bapa maneh!”


Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.


Iteung:
“Akang! Akang! Ieu yeuh orok hayangeun rujak nangka! (Ngaganggu sare Kabayan) Akang hayu atuh pangalakeun nangka kangge Iteung!”

Kabayan:
(Melek hiji soca, langsung sare deui) “Haduh, Nyai, engke weh nya, isukan. Akang teh tunduh keneh!”

Iteung:
“Akang ih hayu atuh enggalkeun! Ih si Akang mah teu sayang ka Iteung!”

Kabayan:
(Ngorok)

Iteung:
(Arek ceurik) “Ah si Akang mah kitu! Bejakeun siah ka mamih mertua ku Iteung mah!”

Kabayan:
“Jug atuh bejakeun! Akang mah arek nuluykeun deui sare!”


Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi emakna Kabayan. Sanepina di bumi  Emakna Kabayan..


Ema Kabayan:
(Meresan imah)

Iteung:
(Lumpat ti lawang panto, sabari ceurik tuluy nangkeup ema) “Emaaaaaaaa……..”

Ema Kabayan:
(Reuwas) “Euleuh-euleuh, aya naon Nyi?”

Iteung:
“Eta Ma! Si Kabayan! Apan apal kuring teh keur ngidam!”

Ema Kabayan:
“Nya apaleun atuh! Piraku teu apaleun mah!”

Iteung:
“Lain kitu Ma!”

Ema Kabayan:
“Nya naon atuh?”

Iteung:
“Eta ma! Si Kabayan! Kuring teh hayang pisan nangka, tapi manehna tara daek pangalakeun!”

Ema Kabayan:
“Ooh sugan teh naon.. Geus tong ceurik atuh! Keun weh, Emak nu ngomong ka si Kabayan!”

Iteung:
“Hayu atuh Ma!” (metot leungeun mitohana kaluar)


Emak sareng Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak sareng Iteung ningali Kabayan nu sare keneh dina bale. 


Ema Kabayan:
“Heh! Kabayan, kebluk! Hudang maneh!”

Kabayan:
“Naon sih mak? Wayah keu adat-adatan!”

Ema Kabayan:
“Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur hamil, ngidam Nangka! Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoleran teu puguh!”

Kabayan:
“Sangheuk ah keur enakeun sare!”

Ema Kabayan:
“Ari maneh wani ka aing?”

Kabayan:
“Heueuh Ma, sakeudeung deui dipangalakeun”

Ema Kabayan:
“Buru! Ayeuna geura mangakat neangan nangka! Nu kolot nya nangkana!”

Kabayan:
“Heueuh! Kuring mangkat ayeuna yeuh..”


Geus kitu, kabayan hudang terus leumpang neangan nangka.


Kabayan:
(Leuleumpangan) “Si Iteung hayang nangka? Aya-aya wae… Apanan apal di kebon urang mah euweuh tangkal nangka… Ah, nu penting mah meunang nangka we!”


Kabayan mangkat neangan Nangka. Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur buahan teh dimana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka. Akhirna manehna manggih hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut. 


Kabayan:
“Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui Nangkana!”


Kabayan langsung naek ka tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu lila anu boga kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka. 


Kabayan:
“Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit datang! Mana kacida galakna deui!”


Kabayan lumpat ka susukan nu aya di tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta Nangka.


Kabayan:
“Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!”

Nyi Endit:
“Heh! Maneh keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?”

Kabayan:
“Henteu Nyai.”

Nyi Endit:
“Ah maneh! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!”

Kabayan:
“Bener Nyai, teu bohong!”

Nyi Endit:
“Demi naon maneh, Kabayan?”

Kabayan:
“Demi Nyi Iteung, Nyai!”

Nyi Endit:
“Alah, maneh! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang! Urang ka imah Pa RT!”

Kabayan:
“Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang buktina!”

Nyi Endit:
“Repeh maneh!” (Metot leungeun Kabayan ka imah Pa RT)


Teu lila, Kabayan jeung Nyi Endit datang ka Imah Pa RT. Kasampak didinya aya Ema Kabayan jeung Pa RT keur ngobrol di buruan imahna.


Nyi Endit:
“Punten Pa RT!”

Pa RT:
“Enya aya naon Nyi Endit?”

Nyi Endit:
“Ieu yeuh Si Kabayan! (Bari nyekelan keneh Si Kabayan)”

Ema Kabayan:
“(Ngambek) Kabayan! Maneh geus wani salingkuh ti Si Iteung?”

Kabayan:
“Henteu Ma! Lain kitu!”

Ema Kabayan:
“Naon atuh eta pacekel-cekel leungeunna jeung Si Endit?”

Kabayan:
“Lain urang Ma nu nyekel mah, tuh Nyi Endit!”

Ema Kabayan:
“Leupaskeun Sia Endit!”


Geus kitu, masalah Si Kabayan maling nangka diobrolkeun ku Nyi Endit.


Nyi Endit:
“Kieu Pa RT! Tadi teh kuring rek ka kebon, pekteh aya Si Kabayan di kebon urang, pasti geus maling tah!”

Pa RT:
“Maling naon Nyi Endit?”

Nyi Endit:
“Nya maling nangka paling ge, komo keur baruahan leubeut kitu.”

Ema Kabayan:
“Piraku si Kabayan Maling?”

Nyi Endit:
“Nya geus pasti atuh!”

Ema Kabayan:
“Kuring mah teu percaya si Kabayan maling nangka! Kieu-kieu ge budak teh jujur atuh Nyi Endit! Euh budak saha atuh!”

Nyi Endit:
“Ah pokonamah geus pasti maling!”

Ema Kabayan:
“Henteu!”

Nyi Endit:
“Geus pasti!”

Ema Kabayan:
“Henteu!”

Nyi Endit:
“Henteu salah!”

Ema Kabayan:
“Lain!”

Nyi Endit:
“Maling!”

Pa RT:
“(Ngabekem baham Ema Kabayan jeung Nyi Endit)”

Nyi Endit:
“Cicing Pa RT! Ieu mah urusan awewe!”

Pa RT:
“Enggeus atuh cicing! Ari kieu mah atuh moal anggeus-anggeus urusanana! Geus dariuk! Diuk!”
“Kabayan! Bener maneh geus maling nangka di kebon Nyi Endit?”

Kabayan:
“Henteu Pa RT!”

Pa RT:
“Demi naon siah?”

Kabayan:
“Demi Nyi Iteung, Pa RT!”

Nyi Endit:
“Alah sia sok lebay!”

Ema Kabayan:
“Repeh maneh Endit!”

Nyi Endit:
“Piraku teu maling mah Pa RT! Arek naon atuh di kebon kuring?”

Pa RT:
“Heueuh sih. Kabayan maneh bener teu geus maling nangka?”

Kabayan:
“Henteu Pa RT!”

Ema Kabayan:
“Ari Pa RT! Cik atuh Pa RT mun si Kabayan maling nangka mah meureun aya buktina! Mana? Si Kabayan mah teu nyekel-nyekel acan nangkana ge!”

Pa RT:
“Heueuh ketang da buktina ge euweuh! Nyi Endit, aya teu buktina?”

Nyi Endit:
“Henteu sih, Pa RT!”

Ema Kabayan:
“Aeh, ari Si Endit! Geus ah kuring mah arek balik! Kabayan kadieu heula maneh (metot leungeun Kabayan ka sisi). Bener teu maneh maling nangka?”

Kabayan:
“Bener Ma!”

Ema Kabayan:
“Ayeuna nangkana dimana?”

Kabayan:
“Aya Ma. Tenang we.”

Ema Kabayan:
“Geus atuh alus!” (Balik ka imah)


Kusabab teu aya bukti, tidinya Pa RT teu bisa nyalahkeun deui. Geus kitu, Si Kabayan balik ka imahna.

Pa RT:
“Geus atuh kieu Nyi Endit. Kusabab euweuh bukti, Si Kabayan teh teu bisa disalahkeun. Geus ayeunamah urang bubar we nya!”

Kabayan:
“Tos atuh nya! Kabayan ek balik tiheula!”

Nyi Endit:
“Heueuh jug!Gera mangkat maneh! Ulah wani-wani ka kebon urang deui!”

Kabayan:
(Lumpat) “Dadah Nyi Endit!”


Nyi Iteung jeung Ema Kabayan keur nungguan Si Kabayan datang ka imah. Teu lila, Si Kabayan datang, langsung dijajap ku Nyi Iteung.


Iteung:
“Euleuh akang tos dongkap?”

Kabayan:
“Acan. Nya enggeus atuh matak aya didieu ge!”

Ema Kabayan:
“Meunang teu nangka teh?”

Kabayan:
“Meunang atuh, kolot jaba badag deuih!”

Iteung:
“Mana atuh nangkana, Kang?”

Kabayan:
“Hoh? Can nepi kitu eta nangka?”

Ema Kabayan:
“Hah? Can nepi kumaha, Kabayan?”

Kabayan:
“Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik!”

Iteung:
“Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!”

Ema Kabayan:
“Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik sorangan! Teu hideng!”

Kabayan:
“Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Mak!”

Ema Kabayan:
“Hah? ngimpi naon? Kuring teh boga anak belet kos sia!”

Emak langsung mangkat. Kabayan sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi susukan, tapi Nangkana teu datang-datang.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kecap Kantetan | Adegan Basa Sunda

Kecap Rundayan (Imbuhan) | Adegan Basa Sunda